Halaman

Sabtu, 17 September 2011

Shalawat/Pupujian


Nabi Urang Sarerea

Rama Nabi kacaturkeun
Pupusna kacaritakeun
Basa Nabi dibobotkeun
Dua sasih kaunggelkeun

Keur lima taun yuswana
Ditinggal pupus ibuna
Tuluy dirawat eyangna
Abdul mutolib asmana

Sabada wafat eyangna
Nabi dirawat uwana
Abi tolib kakasihna
Saderek teges ramana

Kanjeng Nabi sering pisan
Dicandak kanagara Syam
Sok nyandak barang dagangan
Di dinya teh pajeng pisan

Kacatur di eta nagri
Loba pandita Yahudi
Sarta pandita Nasrani
Nu tepang jeung kanjeung Nabi

Sadayana sasauran
Ieu jalma mo nyalahan
Pinabieun ahir jaman
Toret Injil geus ngibeuran

Sipat Nabi panganggeusan
Aya di anjeuna pisan
Harita loba nu iman
Ka Nabi ngangkeun panutan

2 komentar:

  1. Kak, boleh minta artinya nggak?? Saya gak tau artinya buat tugas. Makasih

    BalasHapus